Ku Mulyono, Pupuhu Tabloid Béwara Sunda Kuningan Kuningan - Bewara Sunda Calon Bupati Kuningan H.M. Ridho Suganda ngahadiran acara Mieling Dibabarkeun na Kanjeng Nabi Agung Muhammad SAW, anu diayakeun ku warga Dusun PON Cantilan, Désa Manis Kidul, Kecamatan Jalaksana, Kabupaten Kuningan. Salian eta Hadir oge Bapak Ketua DPC PDIP Nuzul Rachdy. Kahadiran aranjeuna nambah sumanget ka para hadirin nu sanesna anu kira kira aya 1000 urang jamaah. Teu paduli dina kaayaan hujan, para hadirin katingali daria ngaregepkeun acara. Sedengkeun para tokoh lian na, dihadiran oge ku Bapak Kuwu Manis Kidul, Sadiman, anu diwakilan ku Bapak Juru Tulisna, Sadam, sakumna aparat Désa Manis Kidul, aya oge Ustad Riyan ti Pondok Pesantren Khusnul Khatimah, Drs H. Diding Tarmidi, sarta Ketua MUI Désa Manis Kidul Ustad Sehon, Ketua DKM Darkum, SAg, Ketua BPD Drs Daud Ismail, katut Anggota BPD na, Ketua Karang Taruna Iwan, masyarakat, Ibu ibu jamaah Yasinan Dusun 4 Pon Cantilan, sareng jamaah séjéna. Kira kira aya...