Calon Bupati M. Ridho Suganda Hadir Dina Acara Tabligh Akbar Dusun 4 Désa Manis Kidul

Ku Mulyono, Pupuhu Tabloid Béwara Sunda Kuningan


Kuningan - Bewara Sunda

Calon Bupati Kuningan H.M. Ridho Suganda ngahadiran acara Mieling Dibabarkeun na Kanjeng Nabi Agung Muhammad SAW, anu diayakeun ku warga Dusun PON Cantilan, Désa Manis Kidul, Kecamatan Jalaksana, Kabupaten Kuningan. Salian eta Hadir oge Bapak Ketua DPC PDIP Nuzul Rachdy. Kahadiran aranjeuna nambah sumanget ka para hadirin nu sanesna anu kira kira aya 1000 urang jamaah. Teu paduli dina kaayaan hujan, para hadirin katingali daria ngaregepkeun acara.

Sedengkeun para tokoh lian na, dihadiran oge ku Bapak Kuwu Manis Kidul, Sadiman, anu diwakilan ku Bapak Juru Tulisna, Sadam, sakumna aparat Désa Manis Kidul, aya oge Ustad Riyan ti Pondok Pesantren Khusnul Khatimah, Drs H. Diding Tarmidi, sarta Ketua MUI Désa Manis Kidul Ustad Sehon, Ketua DKM Darkum, SAg, Ketua BPD Drs Daud Ismail, katut Anggota BPD na, Ketua Karang Taruna Iwan, masyarakat, Ibu ibu jamaah Yasinan Dusun 4 Pon Cantilan, sareng jamaah séjéna. Kira kira aya 1000 urang jamaah.

“Hayu urang ningkatkeun iman jeung taqwa ka Allah SWT, neladanan sikap Rasulullah, cinta jeung ngamalkeun Alqur'an jeung Hadis, supaya urang meunang rahmat tur Rido Allah SWT,” kitu salah sahiji ucapan ti Mubaligh anu mawakeun tabligh akbar na, nyaéta H. Oban ti Cibingbin.

Samentara dina sambutan na, Ketua Panitia Aji Saputra, S. Kom, ngahatur nuhunkeun kulantaran suksésna acara teh ku ayana gawe bareng jeung dukungan ti Kapala Dusun 4 Pon, Sutono, anu dibantu ke Ibu RT Susi, sareng Bendahara na Ibu Bidan Titi.

“Haturnuhun oge ka Pa Kuwu, aparat Désa na, oge ka para donatur nu tos nginfakeun sabagian rejeki na, dugi ka acara ieu tiasa suksés. Pribados teu aya hartos na, upami teu aya bantosan ti bapak bapak sareng ibu ibu sadayana,” kitu panutup pidato Ketua Panitia.

Mulyono, Pupuhu Tabloid Béwara Sunda Kuningan







Komentar

Postingan populer dari blog ini

Masigit Al Hidayah Desa Manis Kidul Ngayakeun Acara Muludan

Sakabéh Kader PDIP Kudu Boga Patekadan Kuat Meunangkeun Pilkada