Masigit Al Hidayah Desa Manis Kidul Ngayakeun Acara Muludan


Ku Mulyono, Pupuhu Redaksi Bewara Sunda Kuningan


Kuningan - Bewara Sunda

Dina raraga mieling dibabarkeun na junjungan urang sadaya Nabi Agung Muhammad SAW, Masigit Al Hidayah Desa Manis Kidul ngayakeun acara Muludan.

Acara muludan éta dieusi ku Ceramah anu dicandak ku mubalig Al Mukarom H. Iman Budiman, MAg, Penasehat Mesjid Al Jabar Bandung. 

“Naha urang geus Mikaasih ka kanjeng Nabi Muhammad? Naon buktina?. Buktikeun kucara nambahan Iman jeung ngalobakeun solawat ka anjeuna,”

Hayu Urang Ridho-Kan Pamingpin Kuningan


Kitu diantawisna wasiat H. Imam Budiman, dina ceramahna.

Saterusna Mubalig cumarios, hasil tina muludan teh nyaeta mieling dibabarkeun na jungjungan urang Nabi Agung Muhammad SAw. Nyonto kateladan na, perjuangannya. Ku kituna, urang sadaya kedah ningkatkeun deui ibadah urang sapopoe. Unggal nambah tahun, boh ibadahna, boh sdaqohna kedah nambah hade. Ulah sampe rasa cinta urang kana hal duniawi ngaleuwihan rasa cinta ka Allah sareng Rasulna.

”Sikap tauladan anjeuna kedah jadi conto jang kahirupan urang”, saur H. Iman deui.

Acara Muludan eta dimimitian ku maos Al Qur'an, dimana Qoriah na nyaéta Ibu Eti. Salian ti eta dihibur ku kosidahan jeung solawatan ibu ibu blok Kaliwon, Désa Manis Kidul.

Sedengkeun Ketua DKM Masigit Al Hidayah Darkun, SPd, anu dibantos ku Sekertaris DKM Drs. Engkus Kusnadi, Imam Masigit H. Nono Sudana, kalih jamaah Masigit, ngarasa gumbira katut syukuran sihoreng dina raraga Mieling Jungjungan Agung Nabi Muhammad SAW sampe dihadiran ku langkung ti 600 jamaah.

“Mudah mudahan kenging safaat sareng berkah ti Allah SWT,” kitu saur Imam H. Nono, dina sambutan na.

Mulyono Pupuhu Rédaksi Béwara Sunda Kuninan


Di pihak séjén tamu undangan anu hadir diantawisna, Kepala KUA Jalaksana, Camat Jalaksana, Kapolsek Jalaksana anu diwakilan ku Anggota, Koramil Jalaksana anu diwakilan oge ku Anggota. Pupuhu Ponpes Al Mutajam H.Maman Kurman, SH, pupuhu Ponpes Kusnul Khotimah Ustd H. Mutamad, LC, MPd, kitu deui para tokoh masyarakat.

Mudah mudahan ku hadir dina acara Muludan ieu, bisa ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan. Amiin.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Calon Bupati M. Ridho Suganda Hadir Dina Acara Tabligh Akbar Dusun 4 Désa Manis Kidul

Sakabéh Kader PDIP Kudu Boga Patekadan Kuat Meunangkeun Pilkada