Sakabéh Kader PDIP Kudu Boga Patekadan Kuat Meunangkeun Pilkada
Ku Mulyono, Pupuhu Tabloid Béwara Sunda Kuningan
Kuningan - Bewara Sunda Kuningan
Dina nyanghareupan Pilkada Kabupaten Kuningan anu moal lila deui bakal cunduk kana waktuna ninggang kana mangsana, Ketua DPC PDIP Kabupaten Kuningan, Nuzul Rachdy negeskeun ka sakumna kader PDIP kudu boga patekadan anu kuat, lempeng, teu meunang sampe owah gingsir, pikeun ngarojong supaya Pasangan Calon Bupati-Wakil Bupati Ridho-Kamdan meunang dina Pamilihan.
“Pikeun nyanghareupan Pilkada sakumna kader ulah aya nu linci luncat mulang. Komo lamun sampe kaditu nyampeur kadieu nyampeur. Lamun sampe aya nu kitu, pang ingetkeun. Lamun teu bisa ditegor laporkeun langsung ka simkuring,” kitu, teges Nuzul Rachdy, ka sakumna kader.
Nuzul ngingetkeun, bisa bae dina soal Pemilihan Legislatif mah béda suara. Tapi dina pemilihan calon pamingpin Kuningan mah kudu kompak. Partai geus méré mandat ka pasangan Ridho-Kamdan. Jadi sakabéh kader kudu taat.
“Urang perlu pemimpin anu masih keneh ngora. Anu teu gampang cape dina gawe. Anu boga pamikiran maju. Eta kabéh aya dina diri pasangan Ridho-Kamdan,” saur Nuzul deui.
Dina raraga ngamenangkeun calon Ridho-Kamdan, paménta Nuzul, sakabeh kader kudu daria. Kudu gawe babarengan. Mulai nempelkeun stiker, sampe Umajak ka sakumna rahayat.
Najan kitu, cek Nuzul deui, dina gawéna kudu bisa narik simpati warga. Kudu ku cara nu hadé, kudu sopan.
“Conto leutikna, dina nempelkeun stiker pasangan Calon Bupati-Wakil Bupati, di imah Ima warga kudu ngucapkeun heula salam Assalamualaikum, salian ti kitu menta heula ijin ka nu boga imah,” teges Nuzul.
Komentar
Posting Komentar